Lain Urang Sunda Lamun Teu Cawokah

Jumat, 03 Februari 2017

Carita Sunda Pikaseurieun (KOPDAR JEUN NU DENOK)


 (KOPDAR JEUN NU DENOK)



Geus kabiasaan isuk isuk ngudud jeung ngopi bari mukaan facebook,, Ditelek-telek aya wanoja Geulis dina saran pertemanan, Pameunteu ngadaun seureuh. Pakulitan bulé, leucir, matak tisolédat reungit. Asa-asa sok nempo, tapi teuing di mana. Mirip artis nu dina tipi, kitu? Diinget-inget. Lebeng.
Ah, panasaran. 

"Hai, boleh kenalan ga?" nyobaan diinbox. Sajam, dua jam, didago-dago balesanana. Nyamos...

"kang ..kang.., jajap abdi ka pasar, yu!" pamajikan, ngelol ti lawang kamer.

Koréjat. Buru-buru fb dilog out. 

"Duh, nuju teu raraos, ieu lambut murilitnnyi, lebet angin rupina mah. Nyalira wé atuh!" pupuringisan.

Ohh nya atuh kang,, eta ari nyeuri patuangan mah enggal karumah sakit kang teu kenging di antep, atawa sarekeun atuh, ulah kalah nangoh di luar,,

Enya nyi nyerinpisan yeuh patuanganna,, ngaleos kakamar bari pupuringisan, goledag we sare..

Kang abdi bd balanja heula nya..

Muhun nyi, kd hati hati..

Sanggeus pamajikan indit, fb dibuka deui. Teu kungsi lila, aya notifikasi inbox. 

"Blh. Cpa y?" cenah. Tulisanana gaul. Leng. Dilelebah pihartieun singgetanana. Lila-lila mah, 
wangkongan teu burung lancar. Rayuan-rayuan murudul. Nyantok. Jangjian kopdar poé isukan.

Kang..Kaanggg .... Kumaha tos mendingan lambutna,,?

"Geuning tos uih?" gigisik. Api-api hudang saré. 

Lumayan nyi,, tapi angger we, murilit..

Hayu atuh jang berobat kang, teu kenging di antep panyawatmah..

Isukan we nyi pasosore,, ayeunamah rek dirarasakeun we heula, susuganan cageur.. Bari jeung teu kudu di anteur nyi, karunya barudak diimah euweuh baturna,, keun we da akang ge kuat keneh sugan sakalieun karumah sakitmah.

Ohh nya atuh kang,, akang tos tuang..?

Atos nyi,, tadi.. (bari ngagoledag deui pura pura humarurung, padahal hate bungah bungangang, isuk arek kopdar jeung nu dolis..prikitiwwww)

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : Carita Sunda Pikaseurieun (KOPDAR JEUN NU DENOK)

0 komentar:

Posting Komentar